Blogroll

loading...

Blogger templates

loading...

PUISI SUNDA "DUH KAKASIH"


DUH, KAKASIH…

Duh, kakasih…
Manah kacida bingahna
Nguping wartos salira bade sumping
Rasa sono, rasa nyaah
Katresna teu aya babandingannana

Duh, kakasih…
Hate ngageter,
Dada gumuruh,
Katresna nu dititipkeun ku salira
Moal seep salamina

Rasa sono,rasa asih
Campur aduk jadi hiji
Nyurucud cipanon mapay pipi
Hate jumerit,…
Miharep salira ulah indit deui…