Blogroll

loading...

Blogger templates

loading...

SASAKALA SITU WANAYASA




Situ Wanayasa téh kakoncara minangka pangjugjugan jalma pikeun niis jeung arulin sukan-sukan. Perenahna kiwari di Kacamatan Wanayasa. Ceuk carita kolot, cenah asal muasalna aya Situ Wanayasa téh kieu.
Baheula, dina mangsa Wanayasa masih kénéh jadi kadaleman, kungsi aya kajadian halodo nu sakitu bangetna. Mangbulan-bulan taya pisan hujan sakeprul ogé. Sawah-sawah jadi angar, taneuh bareulah, kebon-kebon gararing. Atuh taya pepelakan nu bisa jadi lantaran taya pisan cai.
Ari nu jadi dalem waktu harita nya éta Radén Aria Suriawinata anu katelah Dalem Santri. Kangjeng Dalem méh unggal poé kalaporan ku rahayatna ngeunaan kajadian balukar halodo téh. Unggal poé aya waé kajadian boh nu maot langlayeuseun atawa rahayat nu riributan alatan parebut cai.
Dalem Santri               : “Mamang, kadieu!”
Abdi Dalem                : “Muhun, mangga, sinuhun. Kula ngahaturkeun hormat”
Dalem Santri               : “Mamang, kumaha kaayaan rahayat kawula?”
Abdi Dalem                : “Ayeuna rahayat teh janten kasusahan. taya pepelakan nu bisa jadi
  lantaran taya pisan cai. Tos Mangbulan-bulan taya pisan hujan sakeprul
  ogé”
Dalem Santri               : “Kumaha atuh, Mamang, sugan aya pamadegan atawa tarékah pikeun
  ngungkulan ieu kajadian?”
Abdi Dalem                : “Sadaya-daya, nuju diémutan ieu ogé.”
Dalem Santri               : “Sugan Mamang mah aya piluangeun, da piraku rék diantep waé mah,”
Nu diajak nyarita kalah ngahuleng salila-lila. Bingung kudu kumaha nyiar jalan, nyieun tarékah pikeun nulungan rahayat anu kagaringan.
Dina hiji peuting, Dalem Santri ngimpén. Dina impénan téh anjeunna kasumpingan ramana. Pok sasauran,
Rama Dalem Santri    : “Anaking Suriawinata, geura jugjug pangguyangan badak, tingali ka
lebah kalérna. Di dinya aya sumber cai, prak pigawé ku hidep jeung rahayat Wanayasa. Jieun hiji situ pikeun panampunganana, tuluy kamalirkeun ka solokan-solokan pikeun nyaian sawah jeung kebon-kebon anu kagaringan …”
Réngsé ramana sasauran kitu, koréjat téh Dalem Santri gugah. Anjeunna ngahuleng salami-lami, ngemutan impénan nu cikénéh kaalaman. Dalem Santri manggil abdi dalemna.
Dalem Santri               : “Mamang, tadi peuting kuring kadatangan pun rama, nu miwarang ka 
  pangguyangan badak, teras ka lebah kalérna dina eta aya sumber cai.”
Abdi Dalem                : “Muhun, sauninga abdi aya pangguyangan badak.”
Dalem Santri               : “Lamun kitu geura kerahkeun sagala prajurit milarian tempat eta teras
  jieun situ dina tempat eta kanggo nyaian sawah jeung kebon rahayat!
Abdi Dalem                : “Muhun, sinuhun.”
            Ahirna kapeundak eta tempat teras dijieun situ nu ayeuna katelah situ Wanayasa.

Blog Archive