A. Boy-boyan
Boy-boyan teh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana
saukuran bal ténis) anu bisa dijieun tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal
ténis na. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10 ~ 15) sina ngajajar kaluhur.
Kabeh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenténg anu geus
ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun kénténg
na geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikkan ka anu maen tadi sangkan
beunang dibaledog ku bal-na. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar tina ulinan
nepikeun kabeh kabalèdog ku bal-na.
B. Endog-endogan
Endog-endogan nyaéta kaulinan maké leungeun bari kakawihan.
Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna
peupeus nuturkeun kawih.
Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang.
Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung
aya anu bari nangkub. Sabada digoleangkeun (digoyang) barudak bari kakawihan.
Kawihna siga kieu : "Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre".
Mun nyubut pre langsung leungeun anu tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu
ditemprakeun anu paling handap tuluy sampe kaluhur. Mun leungeunna geus euweuh
anu meureup deui dikawihkeun deui... Goleang goleang Mata sapi bolotot... Bari
handapeun mata barudak sok silih dibeyeng kahandap ku sorangan.
C. Luncat tali
Luncat tali nyaéta kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan
ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.
Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make tali nu panjang, biasana
tina bahan nu leuleuy liat sangkan teu ngabahayakeun atawa tisaringked.
Kulantaran iue, biasana tali teh dijeiun tina karet geulang
ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna nu
nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka semet
"taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun ku
leungeun.
Cara maenna, budak nu teu nyekel tali kudu ajleng saluhureun
bates tali tea. Keur wates tuur jeung "taeun" nu ajleng teh teu teu
meunang antel kana tali, antel manehna lasut alias kudu gentenan nyekel tali.
Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng meunang antel kana tali. Beunang oge
make tehnik "dikepoh" nyaeta suku kenca meulit kana tali
dipurilitkeun, tuluy disusul suku katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu
ngajleng tea
D. Ngadu kaléci
Ngadu kaléci nyaéta kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa
aturan.
Palaturan
Kaulinan ieu paling henteu kudu dimaenkeun ku duaan.
Dibutuhkeun kaleci (pincian) jang maenkeunana. Hiji pincian jang pamatah nu
sejena jang mayar mun eleh.
Ngadu kaleci perlu lahan nu rada lega. Paling henteu
saukuran lapangan poli atawa satengahna. Makana mun maraen pincian teh di
pakarangan imah nu lega. Dina area ngadu kaleci dijieun dua garis nu sajajar.
Jarak garis kahiji ka garis kadua sekitar...er..paling henteu 4 meter.
Cara maenkeunana kieu:
a) Pemain narangtung di garis
nu kahiji siap-siap ngalungkeun kaleci. Tujuan ngalungkeun ngarah kaleci
lagragna deukuet ka garis nu kadua, syukur-syukur pas dina garis (telep).
Urutan ngalungkeun mun kakarek maen biasana diundi make cara sut (gangsut).
b) Pemaen nu kalecina lagragna
pang deukeutna kana garis maen pangheulana. Di susul ku nu sejena dumasar kana
jarak ka garis. Cara maenekuna make ramo tangan kaleci diarahkeun ka kaleci
batur. Mun beunang budak nu kalecina beunang kudu mayar ku kaleci, oge langsung
ngarah kaleci nu sejena. Hiji. Mun teu beunang nya enggeus ingkeun nungguan
bisi kaleci urang rek diarah ku batur.
E. Ucing sumput
Ucing-ucingan nyaéta kaulinan néangan batur nu nyumput upama
saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan
kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Kaulinan ieu kawentar di mamana, hususna di Indonesia. Nu
maen pangsautikna 2 budak tapi tangtu leuwih loba leuwih rame. Salah saurang budak
kapeto jadi jaga ku cara hompimpah jeung atawa suten.
Cara ulinna, kabeh budak salian nu 'jaga' nyumput/nyamuni
sabuni-bunina. Budak nu jaga boga pancen kudu nimukeun babaturanna ieu. Sacara
umum, budak nu pangheulana kapanggih panyumputanna jadi jaga mun sakabeh budak
geus kapanggih. Barudak nu geus kapanggih bisa mantuan neangan sesa baturna nu
can kapanggih, bisa oge henteu gumantung aturan maen nu disatujuan samemeh
maen.
Aturan maen nu sejenna biasana mah ngeunaan wewengkon nyaeta
wates-wates panjauhna hiji budak meunang nyumput/nyamuni teh diatur dina aturan
maen teh nu disatujuan samemeh maen. Mun aturan ieu aya nu ngalanggar, budak nu
ngalanggar otomatis ngagantikeun nu jaga, atawa jadi jaga di ronde saanggeusna
mun manehna kapanggih pangpandeurina.
ORAY-ORAYAN
Salah sahiji
kaulinan nu kungsi karandapan baheula nyatana " Oray-orayan "
kaulinan nu samodel kieu ngabutuhkeun sababaraha urang sangkan eta kaulinan
bisa dilaksanakeun, nu 2 urang silih nyepeng ramona bari dikaluhurkeun (pikeun
lawangna), jalma nu ka hiji disebut "bulan" jalma nu kadua disebut
"bintang" nu lainna ngabaris sabari nyepeng taktak nu dihareupeunana.
tuluy maju asup kana eta lawang, nu panghareupna disebut hulu, nu pang
tungtungna disaebut buntut, tah sihulu eta maju sangkan bisa newak buntutna,
sedengkeun sibuntut nyingkahan sangkan teu beunang ku si hulu, sabari ngalagu :
Oray-orayan
luar-leor ka sawah,
tong ka sawah
parena sumeudeng bekah,
oray naon?
Oray bungka,
Bungka naon?
Bungka laut
Laut naon?
Laut dipa
Dipa naon?
Dipandeuri,
Riririririungan…
Tah, nalika
ditungtung lagu nu eta (Riririririungan) pas anu asup kana eta lawang kapaksa
ditewak kunu jadi lawang.tuluy manehna sina milih, rek milih bulan atawa
bintang, mun milih bulan, manehna kudu cicing ditukangeun nu jadi bulan, nya
kitu deui sabalikna, tuluy nepikeun ka beakna. saanggeus beak bakal
ngahasilkeun 2 kelompok, nu ahirna silih pakenyang-kenyang(pabetot-betot)
leungeun (samodel tarik tambang deui.